Selasa, 15 November 2011

jangjawokan

Tunjuk aing simarincung
ditunjuk ku dua mangkok
diondang sangkala datang
bayu sia geus ditungtun
atma sia geus dibawa
kurungan sia di aing

teu wedi paseuri seuri
teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layan
amprok jongok manggih jodo
(EUSIAN)....aing tuturkeun!

Minyak aing minyak watu
Dipidu di sihung maung
Diocék di panonpoé
Sekartaji suru gajah
Nya gajah tunggal
Katawu wus kabeubeur wus
Kabeungkeut atina Si (eusian)...
Atawa atina wong sajagat kabéh


=====================================================================
Allahuma hujud bungbang
Nu hurung dina jajantung
Nu ruhay dina kalilipa
Remet meteng dina angen
Bray padang ….. Allah.
Pangmukakeun kareremet nu aya didiri kula
Bray padang,
Bray caang,
Caangna salalawasna
Lawasna Saumur kula

==========================================================================
tuh muning aing
situkul si manahari
tungkul riuk tanggah serab
dat nenjo soca awaking